akang canszz
Urang sunda ka
marana
Urang sunda di
marana
Urang sunda,
urang mana
Urang sunda,
Anjeun saha
Naha ngan
saukur nu ngeusian Pulau Jawa
Naha ngan
saukur lalajo bari tumenta
Gancang geura
hudang buka ceuli buka mata
Geura
tembongkeun urang sunda oge bisa
Tembongkeun
urang ge bisa mela nagara
Tembongkeun
urang ge bisa jadi pamimpin
Urang ge bisa
nangtung ajeg jeung kawasa
Lain saukur
bisa unggut jeung kumawula
Si Kabayan
urang sunda
Urang sunda
lain Si Kabayan
Si Kabayan
urang sunda
Urang sunda
ulah jadi si Kabayan
Anu karesepna
ngan ukur ngagere ceuli
Anu karesepna
ngan ukur heuay nundutan
Anu karesepna
ngan ukur diuk ngalamun
Atawa calangap
ngitungan bentang di langit
Mun urang kabeh
reueus jadi urang sunda
Pikiran deui
naon nu dipikareueus
Lamun urang
sunda kabeh jadi si kabayan
Kuring melang
hiji waktu urang kababayan
Urang bakal
kababayan, ukur bisa kababayan, salawasna kababayan
Si Kabayan
urang sunda
Urang sunda lain
Si Kabayan
Si Kabayan
urang sunda
Urang sunda
ulah jadi si Kabayan
0 komentar:
Posting Komentar